Rabu, 19 Oktober 2011

SUMERAH

Kalayan cidra nu mancawura
dina kongkolak cimata
ngagurat nyamuni tapak
palastrana wibawa

kasungsi deui.....

Minggu, 28 Agustus 2011

DANGIANG ROMADHON

Palataran sya'ban geus tepung jeung panto Romadhon
mangrebu pangasih dina rohangan pangampura geus nganti nganti pangeusina ku jalmi jalmi nu ariman
tegep teuteup pangharepan mireungeuh kana jalan kataqwaan
Gusti nu Maha Asih nu Maha pangampura, Nu Maha suci tur Heman....
tepungkeun dina kasucian dangiang romadhon..........

Kamis, 17 Maret 2011

RUNGKANG BALA NA TATAPAKAN

rungkang jeung regang
maruragan
mancawura na tatapakan
bala kacida
lengkah kahalangan
teu kebat nguniang
kapalang....

Minggu, 06 Maret 2011

HATE JALMA

Ukur giling gisik
Dina bebeneran jeung kasalahan
Tarik ngulur
loba kahayang neang udagan

sakapeung inggis ku bisi
reumpan ku sugan
nyukcruk tapak pangalaman
tabi'at sewang sewangan

ukur giling gisik
dina poek jeung caang
ngitung kuciwa na pangharepan
poho kana baligeusan

Minggu, 16 Januari 2011

Muka Rarangken

Muji syukur ka Hyang Agung nu murbeng alam, nu moncorongkeun sarangenge tur nu Maha Asih mika Heman.
Renghapna nu taya pegat, jadi pangjajap nu ngahiap-hiap.
Galindeng rasa minangka ranrangken nu miboga wirahma sukma jeung raga mirig papasten nu jadi tetekon rarangken hirup.
Mugi jalan nu panjang kasampeur kana pamaksudan.