Kamis, 05 Juni 2014

Carita sapoe

Beurang, leumpang mapay mapay galeng harepan, ngaliwatan kamalir kamalir kacintana. anjog ka saung luhureun pasir kasono, urang silih patukeur carita moal jalir jeung subaya. menggok panon poe, urang mulang nyimpen paguneman handapeun amparan kaheman. nyesakeun harewos, sampeureun isukan.... Riskaya09@gmail.com#2014

Tepung Deui

Waktu ka tukang, moal balikan deui. wanci kiwari di reret jeung di rasa implengan jeung sawangan. silih udag dina ingetan nyungsi waktu jeung wanci nu kaliwatan. kiwari tepung dina panglawungan, silih patukeur carita, silih simbeuh ku kasono. sono lain bogoh, kanyaah lain ka bebendena, tapi sono nu mawa asih, jeung asuhna dina pangasih Mantena. Mugi ukhuwah manjang salawasna nepika akhirna..... riskaya09, Rajab-27#