tag:blogger.com,1999:blog-33219502542494887032024-03-08T02:31:21.336-08:00Layung Konengriskayahttp://www.blogger.com/profile/13696766053803239580noreply@blogger.comBlogger8125tag:blogger.com,1999:blog-3321950254249488703.post-71799100180769637062019-12-15T07:18:00.002-08:002019-12-15T07:18:30.033-08:00#Jep...#
Sabot angin teu nyoara, girimis lumengis nahan citangis. Nganaha Naha ka mega nu mopoék jomantara.
Teu Wasa mawa béja.
Harita angin henteu wakca, girimis mudal cisoca. Nganaha Naha ka Mega nu ngabendon jomantara.
Meulit lara ning ati na.
Lain...! Lain Kitu kuduna.
Mun angin daék nyoara
harita wakca
kasampeur carita...
Puhu Desember 2019
#ngayasriskayahttp://www.blogger.com/profile/13696766053803239580noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-3321950254249488703.post-80447905750627364702014-06-05T13:37:00.002-07:002014-06-05T13:39:31.568-07:00Carita sapoeBeurang,
leumpang mapay mapay galeng harepan,
ngaliwatan kamalir kamalir kacintana.
anjog ka saung luhureun pasir kasono,
urang silih patukeur carita moal jalir jeung subaya.
menggok panon poe,
urang mulang nyimpen paguneman
handapeun amparan kaheman.
nyesakeun harewos,
sampeureun isukan....
Riskaya09@gmail.com#2014riskayahttp://www.blogger.com/profile/13696766053803239580noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-3321950254249488703.post-91096669544297846552014-06-05T13:28:00.004-07:002014-06-05T13:33:31.622-07:00Tepung DeuiWaktu ka tukang,
moal balikan deui.
wanci kiwari
di reret jeung di rasa
implengan jeung sawangan.
silih udag dina ingetan
nyungsi waktu jeung wanci nu kaliwatan.
kiwari tepung dina panglawungan,
silih patukeur carita,
silih simbeuh ku kasono.
sono lain bogoh,
kanyaah lain ka bebendena,
tapi sono nu mawa asih,
jeung asuhna dina pangasih Mantena.
Mugi ukhuwah manjang salawasna
nepika akhirna.....
riskaya09, Rajab-27#riskayahttp://www.blogger.com/profile/13696766053803239580noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-3321950254249488703.post-76117660533974646712011-10-19T08:53:00.000-07:002011-10-19T08:53:11.220-07:00SUMERAHKalayan cidra nu mancawura

dina kongkolak cimata

ngagurat nyamuni tapak

palastrana wibawa

kasungsi deui.....riskayahttp://www.blogger.com/profile/13696766053803239580noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-3321950254249488703.post-2279899560184797752011-08-28T06:22:00.000-07:002011-08-28T06:22:32.003-07:00DANGIANG ROMADHONPalataran sya'ban geus tepung jeung panto Romadhon

mangrebu pangasih dina rohangan pangampura geus nganti nganti pangeusina ku jalmi jalmi nu ariman

tegep teuteup pangharepan mireungeuh kana jalan kataqwaan

Gusti nu Maha Asih nu Maha pangampura, Nu Maha suci tur Heman....

tepungkeun dina kasucian dangiang romadhon..........riskayahttp://www.blogger.com/profile/13696766053803239580noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-3321950254249488703.post-51102130351327683732011-03-17T08:52:00.000-07:002011-03-17T08:52:42.109-07:00RUNGKANG BALA NA TATAPAKANrungkang jeung regang

maruragan

mancawura na tatapakan

bala kacida

lengkah kahalangan

teu kebat nguniang

kapalang....riskayahttp://www.blogger.com/profile/13696766053803239580noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-3321950254249488703.post-82151994909794335152011-03-06T08:57:00.000-08:002011-03-06T17:57:35.524-08:00HATE JALMAUkur giling gisik

Dina bebeneran jeung kasalahan

Tarik ngulur

loba kahayang neang udagan

sakapeung inggis ku bisi

reumpan ku sugan

nyukcruk tapak pangalaman

tabi'at sewang sewangan

ukur giling gisik

dina poek jeung caang

ngitung kuciwa na pangharepan

poho kana baligeusanriskayahttp://www.blogger.com/profile/13696766053803239580noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-3321950254249488703.post-59272110672893852552011-01-16T20:37:00.000-08:002011-01-22T07:04:37.002-08:00Muka RarangkenMuji syukur ka Hyang Agung nu murbeng alam, nu moncorongkeun sarangenge tur nu Maha Asih mika Heman.

Renghapna nu taya pegat, jadi pangjajap nu ngahiap-hiap.

Galindeng rasa minangka ranrangken nu miboga wirahma sukma jeung raga mirig papasten nu jadi tetekon rarangken hirup.

Mugi jalan nu panjang kasampeur kana pamaksudan.riskayahttp://www.blogger.com/profile/13696766053803239580noreply@blogger.com0