Minggu, 15 Desember 2019
#Jep...#
Sabot angin teu nyoara, girimis lumengis nahan citangis. Nganaha Naha ka mega nu mopoék jomantara.
Teu Wasa mawa béja.
Harita angin henteu wakca, girimis mudal cisoca. Nganaha Naha ka Mega nu ngabendon jomantara.
Meulit lara ning ati na.
Lain...! Lain Kitu kuduna.
Mun angin daék nyoara
harita wakca
kasampeur carita...
Puhu Desember 2019
#ngayas
Kamis, 05 Juni 2014
Carita sapoe
Beurang,
leumpang mapay mapay galeng harepan,
ngaliwatan kamalir kamalir kacintana.
anjog ka saung luhureun pasir kasono,
urang silih patukeur carita moal jalir jeung subaya.
menggok panon poe,
urang mulang nyimpen paguneman
handapeun amparan kaheman.
nyesakeun harewos,
sampeureun isukan....
Riskaya09@gmail.com#2014
Tepung Deui
Waktu ka tukang,
moal balikan deui.
wanci kiwari
di reret jeung di rasa
implengan jeung sawangan.
silih udag dina ingetan
nyungsi waktu jeung wanci nu kaliwatan.
kiwari tepung dina panglawungan,
silih patukeur carita,
silih simbeuh ku kasono.
sono lain bogoh,
kanyaah lain ka bebendena,
tapi sono nu mawa asih,
jeung asuhna dina pangasih Mantena.
Mugi ukhuwah manjang salawasna
nepika akhirna.....
riskaya09, Rajab-27#
Rabu, 19 Oktober 2011
SUMERAH
Kalayan cidra nu mancawura
dina kongkolak cimata
ngagurat nyamuni tapak
palastrana wibawa
kasungsi deui.....
dina kongkolak cimata
ngagurat nyamuni tapak
palastrana wibawa
kasungsi deui.....
Minggu, 28 Agustus 2011
DANGIANG ROMADHON
Palataran sya'ban geus tepung jeung panto Romadhon
mangrebu pangasih dina rohangan pangampura geus nganti nganti pangeusina ku jalmi jalmi nu ariman
tegep teuteup pangharepan mireungeuh kana jalan kataqwaan
Gusti nu Maha Asih nu Maha pangampura, Nu Maha suci tur Heman....
tepungkeun dina kasucian dangiang romadhon..........
mangrebu pangasih dina rohangan pangampura geus nganti nganti pangeusina ku jalmi jalmi nu ariman
tegep teuteup pangharepan mireungeuh kana jalan kataqwaan
Gusti nu Maha Asih nu Maha pangampura, Nu Maha suci tur Heman....
tepungkeun dina kasucian dangiang romadhon..........
Kamis, 17 Maret 2011
RUNGKANG BALA NA TATAPAKAN
rungkang jeung regang
maruragan
mancawura na tatapakan
bala kacida
lengkah kahalangan
teu kebat nguniang
kapalang....
maruragan
mancawura na tatapakan
bala kacida
lengkah kahalangan
teu kebat nguniang
kapalang....
Minggu, 06 Maret 2011
HATE JALMA
Ukur giling gisik
Dina bebeneran jeung kasalahan
Tarik ngulur
loba kahayang neang udagan
sakapeung inggis ku bisi
reumpan ku sugan
nyukcruk tapak pangalaman
tabi'at sewang sewangan
ukur giling gisik
dina poek jeung caang
ngitung kuciwa na pangharepan
poho kana baligeusan
Dina bebeneran jeung kasalahan
Tarik ngulur
loba kahayang neang udagan
sakapeung inggis ku bisi
reumpan ku sugan
nyukcruk tapak pangalaman
tabi'at sewang sewangan
ukur giling gisik
dina poek jeung caang
ngitung kuciwa na pangharepan
poho kana baligeusan
Langganan:
Komentar (Atom)
